Cursor MOUSE

A.C. Milan

Sabtu, 02 Desember 2017

Penulisan Aksara Sunda di Karawang Creative Night 3

Assalamualaikualaikum Wr. Wb.
Sampurasun...

Neda Hapunten yén admin nembé posting deui. Tos sataun langkung admin teu posting di ieu rohangan.
Ayeuna admin dongkap deui nyandak bewara kagiatan dulur – dulur MASkar dina raraga Karawang Creative Night season 3 nu di laksanakeun kaping 25 – 26 September kamari. Najan tos kalangkung 2 sasih, sawios teu nanaon yén ieu kanggo buktos mung Aksara Sunda téh masih seueur nu minat.
nah di handap ieu nyaéta aya kagiatan anu  tiasa  di foto  ku admin :
 
1.   Téh Usi,  Kang Yana sinareng Cép Hérdi nembé  réngsé ngadegkeun kaén kanggo media tulis
2. Kaén ukuran 1x2m nu janten media tulis

3. Penulisan Aksara Sunda ku Koh Norman perwakilan ti KANAL

3. Penulisan Aksara Sunda ku  tétéh nu hilap namina. hihihi

4. Aya Kamis Baud,   éh  lepat. aya mang varjo nu ngamimitian ti MASKar nu nyerat Aksara Sunda

5. Aya amang - amang kasép. mang Dian ti Saung Ocid

6. Duél maut mang Yana vs mang Irwan

7. mang Irwan

8. mang Yana nuju ngapalkeun

9. Trio Macan.   éh  Trio Maung

10. Aksi  cép Hérdi kanggo narik Pengunjung KCN 3

11. Aya Perwakilan ti Mentri, éh Mantri maksudna

12. Dinten kadua, Admin Nembé sumping ka lokasi ningal stand tos  ramé.

13.  rada muringkak ningal sumanget murangkalih nu hoyong nulis Aksara Sunda tanpa aya Paksaan

14. Peserta Gowés to KCN 3 nu sumanget nyerat Aksara Sunda

15.  Dibantos ku Akang Héndra sareng néng Kurnia  para Gowéser nyerat Aksara Sunda

16. Dibantos ku Akang Héndra, Kang Yana sareng néng Kurnia  para Gowéser nyerat Aksara Sunda

17. Seratan Aksara Sunda Dinten kahiji sareng kadua nu tos pinuh

18. Pemasangan Kaén Media Nulis nu kadua. nu di bantos ku Bu Salsa
19. Aya ema - ema nu sumanget berpartisisapi, eh berpartisipasi  kanggo nyerat Aksara Sunda. 

sakedar informasi kanggo nu sumping, kain nu tos diserat di acara ieu di candak ka Universitas Padjadjaran kanggo di pajang di Fakultas Sastra Sunda.

Admin ngawakilan  Mikadeudeuh Aksara Sunda Karawang ngahaturkeun nuhun ka :
1. Panitia KCN 3 nu tos support ka Aksara Sunda
2. Duduluran Mikadeudeuh Aksara Sunda utamina ka duo UNPAD
3. Masyarakat Karawang nu tos nyerat  Aksara Sunda di Acara ieu

Mung sakitu nu tiasa di Dokuméntasikeun ku Admin, mugia kapayunna Aksara Sunda tiasa Ngadeg di Karawang sareng Sabudeureunna.
sinareng nyuhunkeun pidu'a sareng dukunganna kanggo Admin sinareng dulur Mikadeudeuh Aksara Sunda supados sumanget terus  kanggo ngawanohkeun Aksara Sunda

Ofisial Grup Fb : Mikadeudeuh Aksara Sunda Karawang (M.A.S.Kar)
https://www.facebook.com/groups/MASKar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar