Cursor MOUSE

A.C. Milan

Sabtu, 02 Desember 2017

Penulisan Aksara Sunda di Karawang Creative Night 3

Assalamualaikualaikum Wr. Wb.
Sampurasun...

Neda Hapunten yén admin nembé posting deui. Tos sataun langkung admin teu posting di ieu rohangan.
Ayeuna admin dongkap deui nyandak bewara kagiatan dulur – dulur MASkar dina raraga Karawang Creative Night season 3 nu di laksanakeun kaping 25 – 26 September kamari. Najan tos kalangkung 2 sasih, sawios teu nanaon yén ieu kanggo buktos mung Aksara Sunda téh masih seueur nu minat.
nah di handap ieu nyaéta aya kagiatan anu  tiasa  di foto  ku admin :
 
1.   Téh Usi,  Kang Yana sinareng Cép Hérdi nembé  réngsé ngadegkeun kaén kanggo media tulis
2. Kaén ukuran 1x2m nu janten media tulis

3. Penulisan Aksara Sunda ku Koh Norman perwakilan ti KANAL

3. Penulisan Aksara Sunda ku  tétéh nu hilap namina. hihihi

4. Aya Kamis Baud,   éh  lepat. aya mang varjo nu ngamimitian ti MASKar nu nyerat Aksara Sunda

5. Aya amang - amang kasép. mang Dian ti Saung Ocid

6. Duél maut mang Yana vs mang Irwan

7. mang Irwan

8. mang Yana nuju ngapalkeun

9. Trio Macan.   éh  Trio Maung

10. Aksi  cép Hérdi kanggo narik Pengunjung KCN 3

11. Aya Perwakilan ti Mentri, éh Mantri maksudna

12. Dinten kadua, Admin Nembé sumping ka lokasi ningal stand tos  ramé.

13.  rada muringkak ningal sumanget murangkalih nu hoyong nulis Aksara Sunda tanpa aya Paksaan

14. Peserta Gowés to KCN 3 nu sumanget nyerat Aksara Sunda

15.  Dibantos ku Akang Héndra sareng néng Kurnia  para Gowéser nyerat Aksara Sunda

16. Dibantos ku Akang Héndra, Kang Yana sareng néng Kurnia  para Gowéser nyerat Aksara Sunda

17. Seratan Aksara Sunda Dinten kahiji sareng kadua nu tos pinuh

18. Pemasangan Kaén Media Nulis nu kadua. nu di bantos ku Bu Salsa
19. Aya ema - ema nu sumanget berpartisisapi, eh berpartisipasi  kanggo nyerat Aksara Sunda. 

sakedar informasi kanggo nu sumping, kain nu tos diserat di acara ieu di candak ka Universitas Padjadjaran kanggo di pajang di Fakultas Sastra Sunda.

Admin ngawakilan  Mikadeudeuh Aksara Sunda Karawang ngahaturkeun nuhun ka :
1. Panitia KCN 3 nu tos support ka Aksara Sunda
2. Duduluran Mikadeudeuh Aksara Sunda utamina ka duo UNPAD
3. Masyarakat Karawang nu tos nyerat  Aksara Sunda di Acara ieu

Mung sakitu nu tiasa di Dokuméntasikeun ku Admin, mugia kapayunna Aksara Sunda tiasa Ngadeg di Karawang sareng Sabudeureunna.
sinareng nyuhunkeun pidu'a sareng dukunganna kanggo Admin sinareng dulur Mikadeudeuh Aksara Sunda supados sumanget terus  kanggo ngawanohkeun Aksara Sunda

Ofisial Grup Fb : Mikadeudeuh Aksara Sunda Karawang (M.A.S.Kar)
https://www.facebook.com/groups/MASKar

Kamis, 03 November 2016

Pengenalan Aksara Sunda di Komputer

assalamualaikum wr. wb.

 dina kasempatan ieu abdi bade ngabagikeun pengenalan aksara sunda di komputer, postingan abdi ieu teu kedah janten patokan mung tiasa janten referensi hungkul. berhubung waktos kanggo ngapublish dokumenna terbatas, janten pribados ngan tiasa masihan link kanggo ngadownload file Pengenalan Aksara Sunda ieu.
file na dalam bentuk microssoft word.
bahan nu kedah tiasa maos aksara sunda dikomputer nyaeta :
 1. Font Sundanese Unicode 2013, :  Klik Di dieu

2. Font Sunda Prada :  Klik di dieu

3. Font Aksara Nusantara ( teu ngangge ieu ge teu nanaon ) :Klik di Dieu

 mangga file na candak  Di dieu

Hatur Nuhun kana perhatosanna, mung bade di ajar di facebook mangga lebet ka dieu

Rabu, 20 April 2016

Mengetik Aksara sunda di Android [Root]

Assalamualaikum Wr. Wb.
Dina danget ieu simkuring badé diajar ngeblog perkawis cara ngainstall Aksara Sunda di Hapé pinter. (Smartphone).
Syarat – Syaratna Nyaéta :
1.    Kondisi Hp Parantos di Root. (Pami teu acan di root, tiasa hubungi simkuring atanapi ngubek dina abah google)
2.   Hp Parantos Ngainstall Aplikasi Ifont Sareng Multiling O keyboard.
3.   File Sunda_Prada.zip

Cara – Carana :
a)  Install aksara sunda

1.    Install ifont.
2.   Pami Sunda_Prada.zip na parantos di download, ékstrak filena. Emutan tempat ngékstrakna
3.   Upami Hp Parantos di Root Buka Aplikasi Ifont

4.   Teras klik bagian My nu di teraskeun klik My Font.

5.   klik my font klik tekan disini.

6.   Pilari file nu tadi di ékstrak. (Abdi ngangge Root Explorer. janten filena aya di folder  SpeedSoftware  Nami filena Sunda Prada.ttf terus klik.

7.   Pami réngsé kitu kin biasana langung aya tampilan kieu:


8.   Klik aplikasina, teras ok.
9.   Antepkeun pami hpna ngarestart sorangan. Antosan 2-5 menit.
10.  Hp réngsé nginstall font Sunda Prada


b)  Install keyboard sunda (Multiling O Keyboard)

1.    Install Multiling O Keyboardna
2.   Pilih Enable This Keyboard

3.   Pilih Select This Keyboard

4.   Teras klik Test

5.   Buka DIY Prada di File manager, copy téksna. pami teu tiasa, kin di unduh di handap.
6.   Pas kaluar tampilan keyboardna, tahan spasi arahkeun ka Languages,

7.   Pilih Latin ABC, teras Pilih Basa Sunda


8.   Ieu nembe huruf latin sunda, pami di alihkeun ka aksara sunda tahan spasi ka layout.

9.   Pilih [+DIY] teras Tempel klik Ok



10.  Ayeuna Aksara Sunda Parantos Tiasa di ketikkeun dina Hp Akang Éteh.



Pami aya nu kirang atanapi Badé di taroskeun mangga tiasa di konték via BBM atanapi E-Mail.